_/|\_
Sampurasun, sampurna ning Ingsun, cahaya nu hurung nangtung siang leumpang tur teu gumantung.
...Somah ti Padjajaran gapuraning rahayu ing nawa ka Buwana Panca Tengah, nawa ka sampuring hurip....
Rampés, cag.
:: Seja meuntasan walungan tanpa sunggapan, seja ngojayan sagara tanpa basisir ::
Maén Po |
"...Saacan Urang Hindi ngaraton di Kadu Héjo ogéh, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama sunda téa..."Sacara 'hipotésis', nu dimaksud "Urang Hindi" na ieu guaran, nyaéta inohong Déwa Warman. Saluyu jeung nu diwartakeun ku Pustaka Wangsakerta, anjeunna dipulung mantu ku Aki Tirem atawa Aki Luhur Mulya, dinikahkeun ka putrina, Pohaci Larasati, salajengna diangkat ku Aki Tirem janten Raja di Salakanagara nu puseur dayeuhna di Rajatapura (130 - 168M), ngagantikeun anjeunannana. Ngaran tempat Kadu Héjo, luyu jeung warta Pantun 'lokasi'-na aya di Kabupatén Pandéglang, Propinsi Banten, dugi ka kiwari ngaranna henteu robah.
"Pun, Sadu sadat sunda, tuan katata tuan katepi, selam larang teu ka sorang, tuan urang (h)aji pakuan"Sahadat Sunda ieu sataun sakali diucapkeun ku maranéhannana dina kagiatan upacara muja di Babalayan Pamujan "Sasaka Pada Ageung" (Pemujaan Urang Baduy).
"...di dinya ta hadé jasa pieun panyundaan nyundakeun diri: pieun nyampurnakeun raga eujeung sukma, abéh bisa ngarasa paéh sajero hirup, ngarasa hirup sabari paéh".Poé ka poé buana sunda beuki heuring ku para patapa nu nyundakeun diri. Ku sabab éta, maranéhna katelah "wang sunda" (manusa suci), ngaran nu ngawujud hiji kumpulan jalma jalma "étnik sunda".
"...Pikukuhan Agama Sunda Pajajaran dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa anu dituliskeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata. Nya inyana anu tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun jadi kabéhan pada ngarti Agama anu kiwari disebut Agama Pajajaran téa. Agama anu hanteu ngabéda-bédakeun boro-boro ngagogoréng ngahaharuwan agama séjén. Lantaran euweuh agama anu hanteu hadé. Anu hanteu hadé mah lain agama, tapi metakeun agama jeung laku lampah arinyana anu arembung baé ngarti hartina Ahad téh Nunggal nu ngan Sahiji-sahijina, ngan sahiji baé..."