Nu diudagna nyaéta "Cahaya"
Pikeun kasampurnaannana
Ngamoksakeun diri sorangan
Nyampurnakeun pribadi
Sampurna Ing Sun
Sampurnaning Sun
S a m p u r a s u n . . . !
:: Sanghyang Siksa Kanda (ng) Karesian mangrupa papagon hirup Manusa Sunda Bihari ::
Panganteur
Naskah Sunda kuno (1518 M) Sanghyang Siksa Kanda (ng) Karesian anu rék disuguhkeun ayeuna,ngahaja ditulis saayana, basa Sunda kuno ditéma ku tarjamah bébas, basa Sunda kiwari, ngarah nu maca gampil mahamkeunnana. Ieu naskah ngahaja dicutat sacéréwéléna hasil panalungtikan / tulisan Drs.Atja jeung Drs.Saléh Danasasmita (suwargi), dua inohong budayawan Sunda, ti Sundanologi (Lembaga Penelitian & Pengembangan Kebudayaan Sunda), ieu naskah digarap ku Proyék Pengembangan Permusiuman Jawa Barat. Naskah aslina aya di Museum Pusat Jakarta.
Angka-angka Romawi dina ieu naskah, nuduhkeun nomer lambar naskah asli ti I nepi ka XXX. Hurup 'ng' ngahaja dipisahkeun nulisna, keur ngabédakeun kecap kandang jeung kanda + 'ng', anu dina basa Sunda hartina gé béda. Ieu naskah lontar téh kapanggih ti Kabuyutan Bayongbong - Garut. Maksud disuguhkeun téh ngarah Sunda entragan anyar apal kana karya sastra karuhun Sunda. Ieu naskah ditulis di jaman karajaan Pajajaran (1482-1579 M). Ngarah gampang ngabeédakeun: naskah asli disalin maké hurup condong, tarjamahna maké hurup nangtung. Dur panjak:

==============================
I
Ndah nihan warahakna sang sadu, de sang mamet hayu. Hana
Sanghyang Siksakanda ng karesian ngaranya, kayatnakna wong sakabéh.
Nihan ujar Sang Sadu ngagelarkeun sanghyang siksakanda ng karesian: ini
sanghyang dasa kréta kundangeun urang réya.
Asing nu rék nanjeurkeun sasanakréta, pakeuneun heubeul hirup, heubeul nyéwana, jadiyan kuras, jadiyan tahun, deugdeug tanjeur jaya prang, nyéwana nya uran réya.
Ini byakta sanghyang dasakréta ngaranya, kalangkang dasasila, mayamaya sanghyang dasamarga, kaprétyaksaan dasaindriya, pakeun ngrétakeun bumi Lambadi bumi tan parék.
Ini pakeun urang ngrétakeun bumi lamba, caang jalan, panjang tajur, paka pridana, linyih pipir, caang buruan. Anggeus ma imah kaeusi, leuit kaeusi, paranjé kaeusi, huma kaoméan, sadapan karaksa, palana ta hurip, sowé waras nyéwana sama wong (sa) rat. Sangkilang di lamba, trena, taru lata galuma, héjo lembok tumuwuh sarba pala wowohan, dadina hujan landing tahun, tumuwuh daék, maka huripna urang réya. Inya éta sanghyang sasanakréta di lamba ngarana.
Ini Sanghyang dasakréta, nu dipajarkeun kalangkang sanghyang dasasila, ya mayamaya sanghyang dasamarga ta: Kaprétyaksaan na dasaindriya, ini byakta: ceuli ulah barangdéngé mo ma nu sieup didéngé, kanana dora bancana, sangkan urang nemu mala, nu lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma, si nengguh utama si pangreungeu. Mata ulah barangdeuleu, mo ma nu sieup dideuleu, kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma, sinengguh utama ning deuleu. Kulit ulah dipaké gulangaséhan, ku panas ku tiis, kenana dora bancana, sangkan urang nemu malana lunas papa naraka, Hengan lamuna kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti létah. Irung ulah salah ambeu, kenana dora bancana, sangkan urang nemu mala, na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma, sinengguh utama bijilna timirung.
Tah ieu nu diajarkeun ku Sang Budiman keur (maranéhna) nu néangan kabagjaan. Aya nu disebut Sanghyang Siksa Kanda (ng) Karesian, nu kudu diperhatikeun ku sareréa.
Saha nu rék ngajegkeun sasanakréta, ngarah bisa lana hirup, lila unggul, ingon ingon baranahan, subur pepelakan, salilana meunang dina perang, (sumberna) nyampak di jalma réa (rahayat).
Ieu kanyataan nu disebut sanghyang dasakréta, kalangkang dasasila, ngeunteungan sanghyang dasamarga, wujudna sanghyang dasaindriya, keur hirup di dunya nu lega.
Ieu keur urang ngabagjakeun dunya kahirupan, jalan lening, subur tutuwuhan, cukup sandang, beresih tukangeun imah, beresih buruan. Imah kaeusian, leuit pinuh, kandang hayam kaeusian, huma kaurus, sadapan kapiara, panjang umur, tetep séhat, (sumberna) aya di manusa sadunya. Ngalengkepan kahirupan: jukut, tatangkalan, rambat, rungkun héjo subur, tumuwuhna rupaning bubuahan, loba hujan, tatangkalan jarangkung, sabab subur jadina: éta nu disebut sumber kabagjaan dina kahirupan.
Ieu Sanghyang dasakréta, nu disebut kalangkang dasasila, eunteungna dasamarga, wujudna dasaindriya. Ieu kanyataanana: Ceuli ulah ngadéngé nu teu pantes didéngé, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang cilaka kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun pangdéngé kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina pangdéngé. Panon ulah nempo naon-naon nu teu pantes ditempo, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun panon kapiara urang bakal meunang kautamaan tina panénjo. Kulit ulah dijadikeun sumber kasusah, pédah ku panas jeung tiis, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun kulit kapiara, urang bakal meunang kautamaan tina kulit. Létah ulah salah ucap, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi mun létah kapiara, bakal meunang kautamaan tina létah. Irung ulah saambeu-ambeuna, sabab jadi panto cilaka, nyababkeun urang kana dasar kanistaan naraka. Tapi lamun irung kapiara urang bakal meunang kautamaan tina irung.

II
Sungut ulah barangcarék, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna tina sungut. Leungeun ulah barangcokot kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan kapahayu ma sinengguh utama bijil ti leungeun. Suku ulah barangtincak, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti suku. Payu ulah dipaké keter, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma sinengguh utama bijilna ti payu. Baga purus ulah dipaké kancoléh, kenana dora bancana na lunas papa naraka, Hengan lamun kapahayu ma sinengguh bijil ti baga lawan purusa. Ya ta sinangguh dasakréta ngaranna. Anggeus kapahayu ma dora sapuluh, rampés twah na urang réya: maka nguni twah sang déwaratu.
Nihan sinangguh dasaprébakti ngarannya. Anak bakti di bapa, éwé bakti di salaki, hulun bakti di pacandaan, sisya bakti di guru, wang tani bakti di wado, wado bakti di mantri, mantri bakti di nu nanganan, nu nanganan bakti di mangkubumi, mangkubumi bakti di ratu, ratu bakti di déwata, déwata bakti di hyang. Ya ta sinangguh dasaprébakti ngarannya.

No comments:
Post a Comment