"...Saacan Urang Hindi ngaraton di Kadu Héjo ogéh, Karuhun urang mah geus baroga agama, anu disarebut agama sunda téa..."Sacara 'hipotésis', nu dimaksud "Urang Hindi" na ieu guaran, nyaéta inohong Déwa Warman. Saluyu jeung nu diwartakeun ku Pustaka Wangsakerta, anjeunna dipulung mantu ku Aki Tirem atawa Aki Luhur Mulya, dinikahkeun ka putrina, Pohaci Larasati, salajengna diangkat ku Aki Tirem janten Raja di Salakanagara nu puseur dayeuhna di Rajatapura (130 - 168M), ngagantikeun anjeunannana. Ngaran tempat Kadu Héjo, luyu jeung warta Pantun 'lokasi'-na aya di Kabupatén Pandéglang, Propinsi Banten, dugi ka kiwari ngaranna henteu robah.
Dina taun 1972 Ayah Sacin (almarhum), ahli sastra bambu sareng tilas Panengen (panaséhat Puun) Baduy Tangtu Cikeusik mertélakeun, yén jaman para "prahajian" Pakuan Pajajaran, ngaragemna téh "Agama Sunda Pajajaran". Nepi ka danget kiwari masih di aragung agung ku maranéhannana, matri na jero ikrar nu maranéhna nyebut "Sadat Sunda" (Sahadat Sunda):
"Pun, Sadu sadat sunda, tuan katata tuan katepi, selam larang teu ka sorang, tuan urang (h)aji pakuan"Sahadat Sunda ieu sataun sakali diucapkeun ku maranéhannana dina kagiatan upacara muja di Babalayan Pamujan "Sasaka Pada Ageung" (Pemujaan Urang Baduy).
Ayeuna urang guar perkawis hartosna kecap "Sunda" salaku ngaran hiji agama. Sajeroning sasakala Ngadegna Nagara Sunda warta Pantun Bogor babad Pakujajar Beukah Kembang, Sunda ngandung harti suci atawa bagéan nu nyampurnakeun: "harti sunda téh suci, waréh nu nyampurnakeun". Tanah Sunda kawitna mah disebat Buana Sunda. Ngaran paméré Sanghyang Wenang. Sababna keur taneuh ieu masih mangrupa amparan nu euweuh nanaonan, loba didatangan ku jalma jalma pikeun "nyundakeun diri" (tatapa nyucikeun diri).
"...di dinya ta hadé jasa pieun panyundaan nyundakeun diri: pieun nyampurnakeun raga eujeung sukma, abéh bisa ngarasa paéh sajero hirup, ngarasa hirup sabari paéh".Poé ka poé buana sunda beuki heuring ku para patapa nu nyundakeun diri. Ku sabab éta, maranéhna katelah "wang sunda" (manusa suci), ngaran nu ngawujud hiji kumpulan jalma jalma "étnik sunda".
Urang tos pada uninga, agama sunda tos aya ti méméhna Déwawarman naék tahta di Salakanagara (130-168M). Mun diitung nepi ka kiwari, ayana téh kirang langkung 19 abad, bisa waé malah leuwih lila deui. Kitab suci nu jadi pikukuhannana disebut Sambawa, Sambada, jeung Winasa, tilu kitab nu ditulis ku "Prabu Resi Wisnu Brata".
"...Pikukuhan Agama Sunda Pajajaran dituliskeun dina Layang Sambawa, Sambada, Winasa anu dituliskeun ku Parabu Reusi Wisnu Brata. Nya inyana anu tukang tapa ti ngongora. Inyana anu saenyana ngagalurkeun jadi kabéhan pada ngarti Agama anu kiwari disebut Agama Pajajaran téa. Agama anu hanteu ngabéda-bédakeun boro-boro ngagogoréng ngahaharuwan agama séjén. Lantaran euweuh agama anu hanteu hadé. Anu hanteu hadé mah lain agama, tapi metakeun agama jeung laku lampah arinyana anu arembung baé ngarti hartina Ahad téh Nunggal nu ngan Sahiji-sahijina, ngan sahiji baé..."
Diperkirakeun saupama nyoko kana naskah Wangsakerta, Prabu Resi Wisnu Brata téh taya lian nyaéta Rakéan Darma Siksa Prabu Sanghyang Wisnu Raja Sunda (1175-1297 M). Kusabab raja Sunda ieu anu kasohor adil wijaksana, hirupna ngaresi sarta getén nyebarkeun agama Sunda, diperkirakeun saméméh inyana nyusun agama Islam dina buku, agama Sunda geus ngaurat ngaakar salila hiji milinium, sarta tacan jadi agama resmi nagara. Sanggeus inyana nyangking kalungguhan jadi raja Sunda ti harita agama Sunda jadi agama resmi hiji-hijina di karajaan Sunda, tangtu katerangan ieu butuh ditaliti deui kalayan gemet ku para ahli sajarah Sunda.
Dilelebah yén pangaruh agama Hindu jeung Budha anu jadi agama resmi ti jaman Prabu Darmawarman abad ka 2 maséhi pangaruhna geus nyirorot di karajaan, komo deui di masarakat harita kadéséh ku agama Sunda anu memang geus aya saméméhna sarta terus diamalkeun ku rahayat nepika agama Sunda dijadikeun agama resmi karajaan. Dina Pantun Bogor babak "Tunggul Kawung Bijil Sirung" diterangkeun yén anu mimiti nyebarkeun agama Sunda meunang jujuluk "Mundi Ing Laya Hadi Kusumah" sanggeus inyana mawa Layang Salaka Domas ti "Jagat Jabaning Langit". Hakékatna Layang Salaka Domas téh nyaéta Kitab suci 800 ayat (The Holy Scripture of Eight Hundred Verses) anu eusina ajaran hirup manusia ti mimiti gubrag ka alam dunya / lahir (sambawa), tuluy déwasa nepi ka kolot (sambada), tuluy wafat sarta asup ka alam lain nyaéta alam Hyang (winasa). Kumaha eusina tiap ayat dina tilu kitab éta? nepi ka ka ayeuna masih dirusiahkeun ku urang Baduy. Atawa mémang di Baduy ogé geus sirna.
Dina jaman Prabu Siliwangi maréntah karajaan Pajajaran, kitab-kitab suci tadi biasana dibaca dina suasana jempling, tingtrim tur jauh tina karaméan dunya. Ari resmina tradisi maca kitab suci diayakeun dina puncakna upacara Kuwéra Bakti di Balay Pamunjungan Kihara Hiyang, digelar di tengah lapang sawaktu peutingna bulan purnama, kalayan dicaangan ku obor "damar sewu" nu ngajajar ngabarakbak caang. Anu macana nyaéta Brahmésta Pandita Agung Nagara. Kaisukannana, dina wanci isuk-isuk kitab Sambawa, ,jeung Winasa diarak dina "Niskala Wastu", dikurilingkeun di Balay Pamunjungan tuluy ka kompleks karaton Pakuan.
Ayeuna urang pedar, saha sajatina tokoh anu nyangking gelar Mundi Ing Laya Hadi Kusumah téh? Taya katerangan deui anu geus kabokér, aya ogé katerangan dina Pantun Munding Laya Di Kusumah anu nyebutkeun yén inyana téh putrana Prabu Siliwangi, tapi asa teu mungkin kusabab asa ngora pisan mun sajaman jeung Prabu Siliwangi mah. Saéstuna Mundi Ing Laya Hadi Kusumah ngandung makna filosofis hiji inohong anu geus aya dina tingkatan hirup anu geus ma'rifat satara jeung utusan Sang Kholiq. Asupna ieu inohong ka Jagat jabaning langit di luar alam nu aya tuluy nepungan Sang Hyang Tunggal, nandakeun inohong ieu téh lain jalma samanéa. Jagat Jabaning Langit téh "Mandala Agung", mun maké istilah urang Baduy mah disebutna téh Buana Nyungcung sadarajat jeung Sidratul Muntaha dina agama Islam, tempat linggihnya Sang Hyang Wenang, Sang Rumuhung, Sang Hyang Tunggal Nu Maha Agung.
Ningal kana katerangan tadi tiasa disimpulkeun yén ti baheula urang Sunda geus nganut paham Monothéisme dina hal beragama. Dina Pantun Bogor, Gusti Anu Maha Agung geus digambarkeun saperti kieu: "Nga inyana anu muhung di ayana, aya tanpa rupa aya tanpa waruga, hanteu kaambeu-ambeu acan, tapi wasa maha kawasa di sagala karep inyana". Sedengkeun dina Sahadat Pajajaran ngécéskeun nyoko kana Tunggalna Sang Murbeng Alam, mirip-mirip jeung surat Al-Ikhlas dina Al Qur-an: "Hyang Tunggal tatwa panganjali, Ngawandawa di jagat kabéh alam sakabéh, haling giya di saniskara, hung tatiya ahung".
Dina ésa-na Sang Hyang Rumuhung Nu Ngersakeun dibantu ku para Sang Hyang Kayaning: Sang Hyang Wenang, Sang Hyang Wening, Sang Hyang Guru Hyang Tunggal (Guriang Tunggal), Sang Hyang Kala, Sang Hyang Guru Bumi, Sang Hyang Ambu Sri Rumbiyang Jati, Sunan Ambu, jeung para Sang Hyang lainna luyu jeung tugasna séwang-séwangan dina ngokolakeun alam dunya.
Sang Hyang anu geus ngatur papastén manusa nyaéta Sang Hyang Kala disebut ogé Déwa Papastén anu ngatur waktu. Nu ngagem agama Sunda yakin yén hirupna geus aya dina papastén, saperti papatah Sang Hyang Léngsér ka Prabu Siliwangi anu gagal meuntas ka Nusa Larang katarajang gedéna ombak sagara, "Déngékeun Gusti! Saha anu bisa ngabentung gunturna waktu, saha anu bisa nyahatkeun talaga lara, saha anu bisa mungpang papastén,”. Di lebah dieu teges-teges dijéntrékeun yén moal bisa milampah saumpama can cunduk kana waktuna, dina istilah karuhun mah tacan nepi kana “uga”.
Sedengkeun dina usum tatanén, Hyang anu digero ku para patani nyaéta Sang Hyang Ambu Sri Rumbiyang Jati (Déwi Kasuburan pepelakan) jeung Sang Hyang Ayah Kuwéra Guru Bumi, disebut ogé Batara Patanjala (Déwa Kasuburan jeung Karaharjaan). Dua déwa éta téh laki rabi, tugasna pangbayu hirup huripna urang Sunda kusabab kitu dijadikeun inti pamujaan utamana dina kariaan gedé samodél lebaran, nyaéta upacara taunan Sérén Taun Guru Bumi atawa upacara winduan Upacara Tutug Galur Kuwéra Bakti di Pakuan. Kariaanana digelar saban geus panén gedé di huma. Dina mangsa ieu masih kénéh aya urang Sunda anu ngalaksanakeun tradisi Tutug Galur nyaéta di masyarakat adat Pancer Pangawinan, Baduy, Naga, Dukuh, Sumedang Larang, Cigugur, jeung Sindang Barang Bogor.
Agama Sunda ngajarkeun prosés kahirupan manusa ti mimiti lahir, hirup, maot, tuluy nitis (réinkarnasi). Dina proses ieu kabagi ku tahapan Jagat Jadi, Carita, jeung Jagat Kari Carita (alam dunia jeung alam baqa). Di alam Jagat Kari Carita aya Mandala jeung Buana Karma atawa Jagat Pancaka, sedengkeun Mandala aya 9 tahapan ti handap nepi ka pangluhurna nyaéta:
Mandala Kasungka,
Mandala Parmana,
Mandala Karma,
Mandala Rasa,
Mandala Seba,
Mandala Suda,
Jati Mandala,
Mandala Samar, jeung
Mandala Agung.
Roh jalma nu geus maot bakal asup heula ka Mandala Kasungka (panghandapna), saupama sawaktu hirupna loba dosa bakal diasupkeun heula ka Kawah Panggodogan / naraka, nu aya di Buana Karma. Ngan pikeun jalma anu salila hirupna milampah hadé bisa langsung asup ka Mandala anu tingkatannana leuwih luhur.
Ari para karuhun dipernahkeun di Mandala ka genep nyaéta Mandala Suda, najan geus nempatan Mandala Suda karuhun dibere kabebasan bulak balik ka alam dunya, ngan teu ngawujud, karuhun bisa kontak jeung jalma hirup ngan mangrupa sora tanpa wujud atawa ngan saukur make perasaan. Ti Mandala Suda bisa naek ka alam anu tiis tingtrim nyaeta Jati Mandala, di mandala ieu aya dua paseban nyaeta Paseban Pangauban nyaeta tempatna para karuhun anu geus dibere kabebasan datang deui ka alam fana nepungan jalma hirup ngan teu ngawujud, sawates kontak perasaan atawa sora tanpa wujud. Saluhureun Paseban Pangauban aya Papanggung Bale Agung di tingkatan ieu kumpul para karuhun nunggu kagiliran waktuna nitis ka jalma anu masih keneh hirup. Saluruhureun Jati Mandala aya tempat Mandala Samar, di mandala ieu kumpul para karuhun anu geus boga jadwal tetep nitis, kusabab kitu teu perlu naek tahapan kusabab geus kagiliran nitis, para karuhun dina tingkatan ieu geus ngahiji jeung alam sapangeusina.
Di saluhureun Mandala Samar aya tilu tempat nu dieusi ku para Hyang, Beulah tengah aya Sang Hyang Guriang Tunggal, Beulah kencana aya Sang Hyang Wenang, sedengkeun Beulah katuhu ngarumuhung Sang Hyang Wening,persisi diluhur Sang Hyang nu tilu eta ngarumuhung Sang Hyang Kala. Sedengkeun di Mandala Agung anu anggangna kira-kira dua puluh salapan satengah jaman, atawa cek itungan urang Baduy mah sarua jeung sagorolong jeruk mipis, mandala ieu pisan anu disebut Jagat Jabaning Langit tempat calikna Sang Hyang Tunggal /Gusti Nu Murbeng Alam anu nunggal bae disakabeh alam, sakabeh jagat,tempat anu teu kawates ku waktu,teu kawates ku jarak teu kawates ku caang jeung poek.
Tempat Pamujaan
Tempat ibadah agama Sunda dina jaman karajaan Pajajaran aya tilu tempat nyaeta :
1.Balay Pamunjungan mangrupa punden nu undakna 12 undakan. Anu dibagian ponclotna jeung dua tingkat dihandapna aya arca-arca nu jumlahna 800 siki, nu lajim disebut Arca Domas. Balay Pamunjungan anu pang tohagana nu dibangun Prabu Siliwangi lokasina di Kihara Hyang pernahna di Leuweung Songgom diperkirakeun ayeunamah aya dilebah Kampung Bantar Kemang Bogor. Di ponclot balay dipernahkeun 400 arca emas, ditingkat dua jeung tilu disahandapeunana nu disebut babalayan dipasang arca batu nu lobana 400 arca. Wangunan Punden tohaga kieu ngan aya dipuser dayeuh Pakuan, minangka paranti munjung ka Hyang Maha Agung dina acara seren taun Guru Bumi (taunan) atawa upacara Seren Taun Tutug Galur (Kuwera Bakti) saban dalapan taun sakali,lian ti eta digelar oge upacara lainna nu leuwih basajan. Pamingpim agama anu mingpin upacara disebut Brahmesta nu dibantu ku para Ganidri, Marakangsa, Puun Meuray,Puun Sari,para Puun jeun para Pangwereg Punjung.
Ari paranti mandi sucina dipernahkeun di Talaga Rena Mahawijaya nu pernahna di wahangan Cihaliwung anu disebut oge Leuwi Sipatahunan. Balay Pamunjungan jeung Talaga Rena Mahawijaya sakumaha kauger dina eusi prasasti Batu Tulis Bogor dijieun ku Sri Baduga Maharaja nu ugerna : …ya siya nu nyiyan sakakala gugunungan ngabalay, nyiyan samida, nyiyan talaga rena mahawijaya….” Bangunan Balay Pamunjungan jeung Talaga ieu dijieun ku Prabu Siliwangi minangka gaganti talaga Sang Hyang Rancamaya anu dirurug ku Sang Haluwesi adina Raja Sunda Sang Susuk Tunggal,kusabab di Rancamaya geus kaancikan roh jahat anu ngaganggu sakumaha pedaran kitab Carita Parahyangan anu ugerna : “…Sang Hyang Haluwesi nu nyaeuran Sang Hyang Rancamaya. Mijilna ti Sang Hyang Rancamaya:Ngaran kula ta Sang Udubasu,Sang Pulunggana,Sang Surugana, ratu hyang banaspati…” dina Pantun Bogor episode “ Disaeurna Talaga Rancamaya “dijelaskeun kieu ; gaib jahat eta tiap taun sok menta wadal / pimatarameun tujuh pasang nonoman awewe-lalaki nu disebut “ Sekar Manah”. Tina katerangan eta bisa disimpulkeun yen ti jamanna raja Sunda Sang Susuk Tunggal (1382-1482) mertuana Prabu Siliwangi, Talaga Sang Hyang Rancamaya jeung Pasir Badigul atawa disebut oge Sang Hyang Padungkulan nurutkeun Rajah Pakuan minangka Balay Pamunjungan, duanana geus teu dipake deui,tangtu pamadegan ieu kudu dibuktikeun deui dumasar panalungtikan ahli sejarah Sunda.
2).Babalayan Pamujaan :Ieu oge mangrupakeun punden berundak anu diwangun diluar puser dayeuh, pernahna di kapuunan-kapuunan.Jumlah undakna paling loba 9 undak saeutikna aya 7 undak jeung teu dipasang arca-arca, gaganti arca dipasang batu-batu gede unggal undakna. Fungsi Babalay Pamujaan sarua nyaeta paranti upacara muja karuhun atawa Sanghyang anu dipingpin ku para Puun atawa Kokolot.
3).Saung Sajen (Pancak Saji) ; mangrupa bangunan husus paranti nyimpen sasaji dina upacara “nyajen”. Bentuk bangunanana mangrupa imah panggung leutik teu make kamar-kamar, ngan disalah sahiji tempat dipasang meja altar keur neundeun sasajen. Saung aya dimamana, diimah warga, imah Puun, imah Bupati atawa di karaton. Lian ti eta dipasang oge paranti neundeun sasajen di tempat-tempat anu dianggap boga kakuatan magis, saperti dihulu cai, di guha, ditatangkalan gede, ditengah leuweung jsb, biasana ditempat-tempat eta dipernahkeun batu-batu gede atawa batu datar perlambang ngahijina kakuatan manusia jeung mahluk gaib anu dipihurmatna, ayana perlambang eta nandakeun yen antara manusia jeung mahluk gaib hubungana akur duanana sarua ciptaan Sang Hyang Keresa.
Sabab dina ajaran agama Sunda, jalma anu geus “nyunda” kudu geus apal yen nu disebut “ utek tongo walang taga, manusa buta detia, lukut jukut rungkun kayu, keusik karihkil cadas batu, cinyusu talaga sagara, bumi langit jagat mahpar, angin leutik angin puih, bentang rapang bulan ngempray, Sang herang ngenge nongtoreng, eta kabeh ciptaan Sang Hyang Tunggal, keur Inyanamah sarua kabeg oge taya bedana.
Nyoko kana pedaran tadi bisa disimpulkeun yen pikeun manusa anu geus nyunda ayana alam lain keur ditaklukeun tapi pikeun dipulasara, dipupusti ngaliwatan mantera-mantera pupujian anu dikumandangkeun di tempat-tempat pamujaan tadi.
Wangunan tempat pamujaan anu aya dina Pantun Bogor kayaning : Balay Pamunjungan Rancamaya-Pasir Badigul penedetana Resi Tugu Perbangsa, Balay Pamunjungan Kihara Hiyang-Sipatahunan pendetana Bramesta Tunda Pura, Balay Pamujaan Mandalawangi- Talaga Wana pendeta Resi Handeulawangi, Babalayan Pamujan Genter Bumi Cisakawayana pendeta Resi Tutug Windu,Balay Pamunjungan Mandala Parakanjati (SBR) Sang Hyang Tampian Dalem pendetana Sang Hyang Resi Kumarajati jrrd.
Jalma nu nyunda dina nyanghareupan akhirat lain ngan saukur miharep surga,tapi bisa balik ka Kahyangan (Mandala Agung) sakumaha asalna,bari teu kudu ngaliwatan mandala-mandala anu tingkatanana sahandapeun mandala agung. Sawaktu gubrag lahir ka alam dunya tanpa rencana tetep asalnamah ti “Hyang” , balik deui oge ngaliwatan “ Ngahiyang” nyaeta balik deui madep ka Hyang, ha lieu pisan anu disebut “ mulih ka jati mulang ka asal “.
Sarana peribadatan urang Sunda Kuno teu kapangaruhan ku Hindu-Budha,kusabab boga ajen-inajen nu beda tur mandiri. Kukituna saumpama di Jawa Tengah jeung Jawa Timur boga cirri candi-candi pikeun nandakeun kungsi aya pamarentahan mangsa katukang, di pusat-pusat karajaan Galuh,Pajajaran, Talaga, Singaparna oge Kawali anu jadi cicirenna nyaeta lain candi tapi ayana tradisi Megalitikum nyaeta kebudayaan Batu Besar, hal ieu jadi tanda yen urang Sunda baheula geus boga peradaban kebudayaan anu geus paripurna.
SINDANG BARANG BOGOR KUNGSI JADI PUSAT KAGIATAN AGAMA SUNDA
Dina rajah Demung Kalagan (Pantun Ki Kamal taun 1969) ngaran Sindang Barang disebut-sebut minangka jampe bubuka jeung panutup : “ ….Ulah Sindang Barang geusan tata pangkat diganti deui, sang pamunah sang darmajati,tanah lemah tutup bumi, tutup buana dat mulusna …” (Ngaran Sindang Barang ulah diganti deui tempat awalna agama Sunda,anu geus nyucikeun pendeta darma jati, daerah papayung dunya nu nyampurnakeun).
Sindang barang teh tempat nu suci hal ieu sajalan jeung Pantun Bogor episode Tunggul Kawung Bijil Sirung anu nerangkeun : “ …..Babalayan Sang Hyang Parakanjati,Mandala suci Pamujan Kadatuan Sindangbarang saluareun dayeuh Pakuan. Saha tah nu ngeuyeukna…? Nya inyana Pandita Agung anu ngaran inyana Sang Kumara Jati tea, nya inyana anu ngabebenah Sang Hyang Talaga Tampiam Dalem salebakeunana…”
Katerangan eta nandeskeun yen Sindang Barang teh tempat suci. Anu boga Balay Pamujaan utama nu disebut Sanghyang Parakan Jati jeung Sang Hyang Talaga Tampian Dalem. Pendeta Kumara Jati atawa Darma Jati tangtu jalmana eta eta keneh.Mandala di Sindang Barang tempat ibadahna agama Sunda wilayah kadatuan luar dayeuh Pakuan, Kadatuan Sura Bima Sindang Barang. Diperkirakeun lokasi urut Talaga aya didaerah handap Kampung Budaya Sindang Barang ayeuna,nyaeta Cilegok. Hal ieu bisa disimpulkeun yen urut kabuyutan agama Sunda Mandala Parakan Jati baheula pernahna di kampung budaya Sindang Barang ayeuna.
Aki Uyut Baju Rambeng dina Pantun Bogor tuluy nerangkeun yen raja Pajajaran Rakean Heulang Dewata diriwayatkeun dikubur di deukeut Hyang Talaga Tampian Dalem. Saumpama tokoh ieu identik jeung raja Pajajaran nurutkeun naskah Wangsakerta, gede kamungkinan inyana teh Ratu Dewata Buana (1535-1543). Kusabab inyana diriwayatkeun dikubur di sawah tampian dalem, diperkirakeun makamna ayeuna mangrupakeun kuburan kuno nu panjangna 5 meter anu lokasina di Cilegok, nepika ayeuna eta kuburan taya nu mikawanoh identitasna (Maki.2008)
Satuluyna Pantun Bogor ngabewarakeun yen Prabu Wisnu Brata sawaktu marentah karajaan Sunda puserna di Pakuan “ Sang Hyang Saka Bumi “ disisi gunung Sanghyang Purwa (gunung Gede). Ditempat ieu inyana ngadegkeun Balay Pamunjungan “ Arca Domas” disuku gunung Parangguh (gunung Pangrango) kalayan dipingpin ku pendeta Bramesta (pendeta agung) Sang Jati Jatra. Diahir mangsa jabatanana Prabu Wisnu Brata masrahkeun kalungguhan ka alona nyaeta Prabu Kalang Carita. Raja anyar tuluy pindah ka Pakuan Pajajaran tuluy ngadegkeun Balay Pamunjungan Kihara Hiyang ditutugan Ardi Munda Mandala nyaeta Beulah wetan Arda Welah.
Ngan siganamah aya anu kaliru anu diberitakeun ku juru pantun ngeunaan lokasi Ardi Munda Mandala atawa Arda Welah anu ayeuna dipikawanoh ku sebutan gunung Salak, jeung lokasi Kihara Hyang, kusabab dina episode nu sarua Kihara Hiyang dituduhkeun ayana di di Leuweung Songgom peuntaseun beulah wetan Pakuan, saluhureun wahangan Cihaliwung (sabudeureun Bantar Kemang ayeuna). Dina episode “Pakujajar Di Lawang GIntung “ versi Jongol diterangkeun yen “ Pamujaan di Leuweung Songgom di mumunjul Kihara Hiyang, pamujaan batu anu tujuh, anu ngundak tilu tumpakan …” dua katerangan eta ngajelaskeun yen Balay Kihara HIyang lokasina aya di Leuweung Songgom lain di gunung Salak.
Dina episode Tunggul Kawung Bijil Sirung diterangkeun “ Prabu Kalang Carita nyieun Pamujan Agung di mumunggang Giri Dwi Munda Mandala, sajajaran eujeung Taman, disebutna Mandala Sang Hyang Parakan Jati, satonggoheun Talaga Sanghyang Tampian Dalem, nyela bumi di Kuta Babaton/ bentukna nyilang ti kuta Babaton…” Tuluy disebutkeun yen Mandala Parakan Jati “ sajajar eujeung Taman, jeung Nyela / nyilang bumi di Kuta Babaton, anu dimaksud taman sigana lain Taman Milakancana di Pakuan, tapi Taman di kampung Sindang Barang. Dina berita pantun disebutkeun oge yen Prabu Ragasuci (1297-1303) putra Prabu Guru Darma Siksa bergelar Sang Mokteng Taman hartina dikurebkeun di Taman, ha lieu bisa nandakeun yen Prabu Kalang Carita ngaran lain keur Prabu Ragasuci, atawa duanana duduluran. Taman tempatna dikurebkeun moal jauh ti kabuyutan nu dibanguna atawa ku dulurna,nyaeta disabudeureun Kadatuan Surabima (Sindang Barang).
Dugaan samentara kompleks makamna aya di punden Sanghyang Rucita Pasir Eurih. Ngaran Kuta Babaton atawa Kuta Wawaton (Benteng Batu), diperkirakeun nyoko kana Kota Batu ayeuna anu teu jauh jeung kampong adat Sindangbarang. Kusabab kitu geus bisa dipastikeun yen Balay Pamunjungan disuku gunung Salak nyaeta Mandala Parakan Jati, lain Kihara Hiyang. Sakumaha nu geus dipedar yen Balay Kihara Hiyang dibangun ku Prabu Siliwangi abad 15-16 M pikeun ngaganti Sanghyang Padungkukan jeung Rancamaya nu geus ditinggalkeun kusabab geueuman. Prabu Kalang Carita alona Prabu Wisnu Brata Prabu Darmasiksa marentah karajaan Sunda abad 13 M, jadi aya jarak waktu anu jauh diantara dua raja eta nyaeta 2 abad. Moal mungkin babarengan.
Nyoko kana kaayaan di lokasi ayeuna,Kampung Sindang Barang leubeut ku titinggalan kuno warisan tradisi megalitikum “ non Hindu – Budha”. Hal ieu nandakeun ti saprak Pakuan Pajajaran diadegkeun dina abad ka 7 ku Prabu Tarusbawa, Sindangbarang mah geus jadi kabuyutan Jatisunda, minangka tuturus kabuyutan ti kabuyutan Arca Domas di gunung Sanghyang Purwa (gunung Gede Cianjur), Kabuyutan gunung Padang Campaka Cianjur Pakidulan jeung Kabuyutan Kuta Gegelang di gunung Bunder. Lian ti eta, samemeh ayana Kabuyutan Mandala Kihara Hyang beunang Prabu Siliwangi, upacara-upacara agama Sunda kayaning Tata Kinariyan, Tata Duriya, Bakti Astula,Bakti Arakana, Guru Bumi,Kuwera Bakti, kaasup upacara leutik lainna dipusatkeun di Kabuyutan Mandala Jati (Sindangbarang) oge di kapuunan-kapuunan diluar kadaton. Hal ieu jadi bukti yen anggeuman urang Sunda harita lain agama Hindu atawa Budha, tapi agama Sunda. Saumpama aya warna-warna Hindu atawa Budha ngan saukur ngulit bawang, bisa diartikeun ari agamanamah Sunda,ngan dina tradisi sapopoemah kacampuran Hindu jeung Budha.
Matak teu matak herang saumpama Putri Padmawati / Kentring Manik Mayang Sunda prameswari Pajajaran milih dumuk di Kadaton Surabima di Sindang Barang, henteu dikaraton di Pakuan. Cenah kusabab inyana hayang leuwih teleb neuleuman agama Sunda kusabab inyana boga teureuh Lampung / Nusa Bima ti Indungna lain asli Pajajaran (Partini Sardjono, 1991). Kusabab kitu Kadaton di Sindang Barang dingaranan Kadaton Sura Bima ku raja Sunda Prabu Susuk Tunggal / Sang Haliwungan ramana Kentring Manik. Malah Sang Surawisesa / Sang Kuwanen anakna Prabu Siliwangi ti Kentring Manik tileuleutik keneh diatik bagbagan agama Sunda ku uwana / Sang Amuk Murugul di Kadaton Surabima, lain eta wae Sang Surawisesa dilahirkeun di Sindangbarang. Sanggeus jadi raja Pajajaran kadua ngaganti Prabu Siliwangi anu wafat inyana disebut oge Prabu Guru Gantangan (1521-1533). Marentah dipuser dayeuh Pakuan nuluykeun ramana.
Kesimpulan
Urang Sunda ti jaman Purba keneh geus boga agama nyaeta agama Sunda, najan ahirna asup agama Hindu jeung Budha tapi teu bisa mekar kusabab ngan sawates ngalengkepan tradisi agama Sunda henteu nepika ngakar komo deui ngageser agama Sunda.
Ka pamarentah pusat jeung daerah miharep sangkan mulasara kampong Sindang Barang di Kacamatan Taman Kab. Bogor kusabab nepika ayeuna masih loba situs-situs titinggal kabudayaan Sunda Kuno nyoko kana Undang-undang Pemerintah no. 5 taun 1992 tentang Perlindungan Benda Cagar Budaya. Jeung deuih pikeun saha wae anu boga niat goreng ngagunasika kautuhan situs-situs titinggal Sunda Kuno di Sindang Barang jeung sabudeureun gunung Salak kudu dipahing, anu ngalanggar kudu ditibakeun hukuman sakumaha katangtuan hokum anu lumaku.
No comments:
Post a Comment