Monday, March 9, 2015

SUNDA SADU SANTABUDI (Papagon hirup manusa Sunda)

SUNDA = éndah, agung, cahaya, bodas.

Bisa Sunda mibanda harti éndah jeung agung, kudu ditunjang ku:

SADU= Wijaksana. Eusina: Titih-rintih, surti-taliti ati-ati. Titih-rintih: Waspada, teu gurunggusuh, apik, tenang, sagala dipikir heula, tara ngomong méméh leumpang (bohong).
Luhung élmu, limpas pangabisa, punjul lingga papak, nyaimbangkeun guna (mangpaat), jeung tambuh (madarat).  Surti-taliti: ngarti kana kahayang, kasusah, maksud batur. Nyekel  étika gaul, embung nyigeung rasa batur; bijil rasa hormat ka saluhureun (umur, pangkat, harta, wibawa), ngajénan ka sasama lebah béda pamadegan,  nyaah ka sahandapeun (umur,pangkat,harta). Tara kokolot begog, tara mawa karep sorangan, sagala hal nu ngait kapentingan umum / balaréa osok sawala heula. Henteu leutik cahak batan kohok (saimbang antara kamampuh jeung pangabutuh).

SANTA BUDI, SANTA= suci, BUDI = niat  tina haté jeung pikiran, nu ngajanggélék jadi laku-lampah.  
Santa: tara boga niat goréng, salawasna hayang babarengan dina senang atawa susah, silih tulungan, silih titipkeun diri, tara sirik-pidik jail-kaniaya, tara belik siksik-melik, tara ambek lain tempat / waktu.  Boga rasa miduli ka nu cilaka, ka nu sangsara, ka nu bodo. Nganteur ka nu keueung, nyaah ka nu susah, méré ka nu butuh, nyaangan ka nu poékkeun. Tara irén-panastrén, Boga rasa kapanasan tapi ngan ukur keur ngahualkeun karep ngarah kawas batur, utamana dina nyuprih élmu. Tapi tara panasbaran, teu kabita ku milik batur.

Budi; Bijil daréhdéh soméah hadé ka sémah, pangpangna ku parangi. Teu ngarasa unggul sorangan, teu ngarasa bener sorangan, nyekel ajeg parageuing: daék ngageuing, ngabéjaan / mapatahan, daék digeuing / dibéjaan / dipapatahan. Yakin kana titis-tulis ti ajali, kulak canggeum bagja awak, sanggeus usaha. Yakin sagala aya nu ngatur, aya waktuna.  Apal kana swakarma yén ratu tara ngahukum, pamaréntah tara nyiksa, iwal buah lampah sorangan: Bijil sikep ngasuh ratu ngajayak ménak, tara ngabaruntak ngarebut kakawasaan, kalungguhan.

Ngarti kana tanggungjawab pancén diri jeung tanggungjawab nu dipancénkeun (tara hianat). Kudu adil (neundeun perkara dina tempatna) ulah cueut ka nu hideung ulah ponténg ka nu konéng, kudu ngariksa nu leutik.

Mun teu kitu pasti tumpur ludes. Seuri narima paméda (kritik), da wawuh kana semu, yén éta téh jadi ubar keur ngoméan diri malar leuwih maju. Ngadék sacekna nilas saplasna (tara jalir cidra subaya). Laku matuh handap asor, tara kumalungkung kumagungan, tara hayang kapuji, tara hayang dipuji. Paheuyeuk-heuyeuk leungeun paantay-antay tangan. Samiuk sabilulungan. Apal kana lilinggeran.

Tah éta téh sabagian tina laku-lampah sapopoé: Rahyang Darmasiksa, Rahyang Bunisora, Rahyang Wastukancana, jeung Sri Baduga Maharaja Déwatasrana (Prabu Siliwangi).

Lamun waé manusa Sunda, sanggup mibanda tur milampah SADU SANTABUDI, mangka gemah-ripah loh jinawi kerta raharja, répéh rapih moal ripuh, tiis ceuli hérang mata, adem ayem tengtrem lalugina, sepi paling towong rampog, bakal kaalaman...

No comments:

Post a Comment